Sunday, April 29, 2007

udud

Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana model ayeuna, make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana kantong jaketna. Rokok nu aya dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan ge satengahna, lung we rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna.
Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana melong. Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui. Papelong-pelong."Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekres deui nyeungeut rokok."Ah henteu", ceuk bapa-bapa, "Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah we eta duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoe beak dua bungkus we, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, komo deui sapuluh tahun geura we pek itung. Mun eta duit dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah atawa mobil."Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun eta bapa-bapa teh. Biwirna manyun, maju aya kana lima senti mah."Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ngora nanya."Henteu jang, ti bubudak ge can pernah""Bapa gaduh mobil ?""Ah, boro-boro mobil, rompok ge ngontrak keneh jang.""Abdi mah, mobil gaduh, rompok ge tos gaduh.", ceuk budak ngora bari ngaleos.Si bapa ngan ukur olohok.



Ditulis ku Kang Ndoell
Minggon, 26 Nopember 2006

0 Comments:

Post a Comment

<< Home